Contoh Ceramah SIngkat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 02)
Judul: Ilmu dan Agama Islam
Assalamu'alaikum, warohmatullohi wabarokatuh.
Alhamdulillahi robbil 'alamiin. Was-sholatu was-salaamu 'ala ashrofil anbiyaai walmursaliin. Wa 'ala alihi wa shohbihi ajm'iin. 'Amma ba'du.
Puji sinareng syukur, mangga urang panjatkeun ka hadirat Alloh SWT, kanggo sadaya limpahan rahmat jeung hidayahna urang tiasa kumpul sasarengan dina tempat ieu.
Salawat sareng salam mugi teteup kacurahkeun ka jungjungan urang sadaya nyaeta Nabi Muhammad SAW. Mugia urang sadaya kalebetkeun kana umatna anu diberkahkeun ku Allah SWT. Amiin Yaa Robbal 'alamin.
Hadirin sakalian. Tina kasempatan ieu, Alhamdulilah urang tiasa pateupang deui dina acara pangajian kagamaan. Nu mana judul ceramah nu baris bade dihidangkeun ku sim kuring ayeuna nyaeta rupa-rupa ciri jalma anu soleh.
Nah ari soleh teh nyaeta hiji sifat anu kedah wajib aya di tiap jalma anu ngaku agama Islam. Sabab ku jalan soleh, urang bisa taqwa ka Allah SWT. Tapi kiwari ayena mah loba jalma anu hayang soleh, ngan teu apal kana carana kumaha supaya jadi jalma soleh.
Malah kadituna lain jadi jalma soleh. Tapi kalah jadi jelema anu siga soleh. Sedengkeun antara soleh jeung nu siga soleh bedana jauh. Kunaon bisa kitu?
Sabab ari jalma soleh mah aya cirina anu tos dijelaskeun dina Al-Qur’an surat Al Imran ayat 114. Nu mana dina ayat eta, dijelaskeun bahwa ciri jalma soleh teh aya 4 nyaeta:
Kahiji, Iman Ka Allah SWT Sareng Kana Poe Akhir
Ciri kahiji jalma soleh nu kahiji teh nyaeta jalma anu iman Ka Allah jeung kana Poe Akhir. Naon kaitanana ari jalma soleh teh kudu percaya ka Allah jeung kana Poe Akhir?
Sabab hiji jalma lamun boga kaimanan anu bener, manehna moal gagabah dina ngalaksanakeun ibadah ka gusti allah. Hartina bakal bener-bener ngajalankeun parentah Allah sakumaha Syarat, Ruku, jeung Elmuna. Teras jalma anu Iman Ka Allah bakal salawasna ngajalankeun ibadah kalayan make Elmu.
Kadua kaitanana jalma soleh kudu percaya kana poe akhir, sabab jalma anu percaya kana poe akhir mah manehna bakal salalawasna ati-ati dina samemeh ngajalankeun hiji perkara jeung bakal Tadabbur. NU hartina bak mikirkeun kana akibat anu bakal timbul tina eta perkara.
Kadua, Marentah kana Ma’ruf
Nurutkeun kana ulama, ari definisi ma’ruf teh nyaeta perkara anu dinilai bener ku aturan syara jeung adab. Hartina jalma soleh mah sok peduli kana perkara anu bener bari ngajak kana eta perkara, contona sapertos solat, puasa jeung perkara perkara anu sejena.
Teras ari ma’ruf nurutkeun kana adab sapertos lamun dina aturan sakola mah, barudak teh kudu datang tepat waktu. Tah eta oge bisa disebut ma’ruf.
Intina ari jalma soleh mah, teu weuleh ngajak ka sasama jalma kana perkara anu bener. Hartina moal nyaman ngalakukeun kahadean sorangan, lamun anu sejen heunteu ngalaksanakaeun.
Katilu, Nyarek kana Munkar
Lamun definisi munkar nyaeta lawana tina maruf. Nu hartina sagala perkara anu dianggap teu alus ku hukum syara jeung ku adab.
Dina hal ieu, jalma soleh mah moal betah lamun nempo hiji hal anu teu hade katempona. Mangkana jalma soleh mah tara ngantep kana pamunkaran. Sedengkeun cara nyegah pamunkaran geus diajarkeun ku para ulama dina kitab Sulamuttaufiq.
Tegesna ceuk dina kitab eta, yen di mana-mana urang ningali hiji pamunkaran, maka wajib urang nyarek. Etamah rek nyarekna ku ucapan, atawa ku kalakuan, atwa kumaha wae carana, supaya eta pamunkaran teu dipigawe.
Kaopat, Ngaburu-buru kana ka alusan
Ciri jalma soleh anu terakhir nyaeta ngagagancang kana ka alusan. Hartina tara nunda-nunda kana hal anu sipatna alus jeung teu kudu di ajak. Tapi dina ngalaksanakeunna, aya nu leuwih penting anu kudu ku urang diperhatikeun. Lain ngan saukur kudu geuwat, tapi anu paling penting mah nyaeta elmuna.
Jadi percuma we lamun urang ngaburu-buru migawe kaalusan ari elmuna kosong mah. Saba kaalusan atawa ibadah lamun teu make elmu, eta teh moal ditarima ku gusti.
Nah hadirin nu dimulyakeun ku Allah. Sakitu wae ceramah anu tiasa ku sim kuring teupikeun. Mudah-mudahan ku ayana ieu penjelasan tina ceramah iyeu, urang bisa kaasup kana kriteria jalma soleh. Amiiin Yaa Robbal 'Alamin.
Hapunteun pami aya kalepatan tina cariosan abdi bieu. Atuh pami aya benerna, ingsya Allah eta teh ilmu ti Gusti Alloh Ta'ala.
Wabillahi taufiq wal hidayah.
Wassalamualaikum, warohmatullohi wabarokatuh.
Keterangan: Sumber artikel asli berasal dari basasunda.com, namun dengan beberapa sedikit perubahan.

Post a Comment for "Contoh Ceramah SIngkat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 02)"