Biasanya dalam sebuah ceramah agama, terkadang disisipi sebuah pantun yang bertujuan buat memancing gelak tawa penonton. Atau bisa juga tujuannya buat sekedar lucu-lucuan saja, dengan harapan biar isi ceramahnya nggak dianggap terlalu serius..
Nah pada postingan kali ini, admint akan memberikan contoh pantun dalam bahasa Sunda yang bisa dipakai dalam sebuah ceramah agama. Jangan salah lho! Pantunnya lucu-lucu dan lumayan bisa membuat gerr penonton nantinya..
Oke tanpa basa basi lagi, yuk mari kita simak beberapa pantunnya berikut ini:
PEMBUKA
Lagu Ungu Lagu Raja
Kadangu, tapi teu disarada
Lagu Ungu, Lagu Kotak
Kadangu, tapi jiga nu nyarentak
Lagu Sunda, Lagu Jawa
Ayeuna disarada, ngan jiga nu kecewa
Hayam jago, hayam pelung
Hayoo! nu ngajawab salam, jiga nu embung
Hayam rintik, hayam negeri
Nu ngajawab salam saeutik, tapi lumayan daripada nu tadi
Cabe cabena mah, ngan kurang asak
Rame ramana mah, ngan kurang kompak
Cabe cabena mah, ngan kurang beureum
Rame ramena mah, ngan kurang ragem
Meli bawang di pak Yana
Meli hui di pak Asep
Tepang deui ka sadayana
Sareng abdi anu kasep
Jalan jalan ka Citayam
Bekelna mawa combro
Kade ujang eneng teu ngajawab salam
Ngke bisi didoakeun jadi jomblo
Disamping disampingna mah
Ngan teu disalempak
Kakuping kakupingna mah
Ngan hanjakal teu kompak
PENUTUP
Jalan-jalan ka Palabuan Ratu
Tos di dinya tuluy ka Banten
Mung ti abdi cekap sakitu
Kirang langkungna nyuhunkeun dihapunten
Di ruang tamu aya semah
Aya wargi nu rek jangjian
Rupina dugi ka dieu abdi ceramah
Kumargi waktu tos teu ngijinan
Ka Cibatu ka Cibungur
Ti dinya terus ka di Cinagara
Sakitu nu dipikahatur
Kurang lewihna menta dihampura
Buah tomat buah peuteuy
Tamat euy!
Hampura nu dipenta
Hapunten nu disuhunkeun
Oke cukup sekian dulu ya ilmu dan informasi yang bisa admint berikan pada kesempatan kali ini. Semoga bisa bermanfaat serta mohon maaf apabila ada kesalahan dan atau kekeliruan di dalamnya..

Post a Comment for "Pantun Sunda Untuk Pembuka dan Penutup Ceramah Agama"