Taun Masehi, Hijriyah, jeung Sunda

ilustrasi gambar oleh pixabay.com


Taun Masehi, Hijriyah, jeung Sunda


Jejer pangajaran Basa Sunda kelas VIII dina poé Saptu, 12 Februari 2022 / 11 Rajab 1443 ngaguar ngaran-ngaran bulan dina pananggalan maséhi, hijriyah, jeung Sunda. Geus teu kudu ditanya deui, pamilon atikan di urang tangtu mikawanoh kana ngaran-ngaran bulan maséhi, ti Januari nepi ka Désémber..


Ngan dina nyebutkeun ngaran-ngaran bulan hijiriyah jeung Sunda mah, teu sakabéh pamilon atikan apal cangkem. Tapi aya oge sih sababaraha urang anu bisa nyebutkeun ngaran bulan kalayan lancar jeung nyusun..


Memang sagala rupa ogé dipangaruhan ku kabiasaan. Sapertos kolot-kolot urang atau generasi taun 60-90an, nu mana masih biasa ngagunakeun dua sistem dina nangtukeun tanggal. Namung ti saprak taun 90-an, masyarakat leuwih museurkeun kana pananggalan sistem solar (maséhi). Hal ieu dipangaruhan ku rupaning hal.


Salah sahiji sababna lantaran bulan taun maséhi sok disebut bulan kuli, nu hartina bulan anu digunakeun ku masyarakat (pagawé) dina narima gajih atawa mémang aya hubunganna jeung anu disebut “hari kerja”..


Geus kitu ampir kabéh kahirupan ditangtukeun ku angka-angka anu aya dina almenak maséhi. Misalna poé dilahirkeun, milangkala, “masa tenggang nomor ponsél”, “jatuh tempo” cicilan, titi mangsa surat, nangtukeun iraha waktu kawin, nangtukeun pemilu, jeung sajabana..


Ayeuna masyarakat geus jarang nyebutkeun dua sistem pananggalan dina calagara lamun henteu aya pakuat-pakait jeung masalah kaagamaan. Sebut baé, urang leuwih apal kana bulan Muharom, Rajab, Romadon, Robiul Awal, jeung Dzulhijjah kusabab dina bulan-bulan ieu raket jeung kahirupan masyarakat dina pasualan kaagamaan..


Bulan-bulan hijriyah mangrupa sistem pananggalan dina agama Islam ku masyarakat Sunda divernakularisasi kana basa anu gampang dikedalkeun ku létah urang Sunda. Conto Muharrom jadi Muharam, Shofar jadi Sapar, Rabi’ul Awal jadi Mulud, Rabi’ul Akhir jadi Silih Mulud, Sya’ban jadi Ruwah, Ramadlan jadi Puasa, Dzulqo’dah jadi Hapit, jeung Dzulhijjah jadi Rayagung. Bahkan nepi ka taun 90-an, ngaran-ngaran bulan anu disebutkeun eta masih mindeng dikedalkeun ku masyarakat..



Alesan disebut Bulan


Bulan hartina bahagéan itungan anu lilana 29-30 poé, dina sistem pananggalan mana baé ogé. Sok sanajan taun maséhi ditangtukeun ku rotasi jeung révolusi Bumi kana srangéngé angger baé disebut “bulan”. Lain matahari, sarangéngé, sun (Bahasa Inggris), atawa syamsun (Bahasa Arab). Hal ieu kulantaran sistem lunar mangrupa cara nangtukeun itungan poé anu pangheulana digunakeun ku masyarakat di sakuliah dunia. Jadi ieu pisan anu jadi matak itungan salila 30 poé disebut bulan..


Bangsa Romawi Kuno, Persia, Mesopotamia, Nordik, jeung Nusantara geus ngagunakeun sistem lunar (révolusi Bulan kana Bumi) dina nangtukeun itungan poé. Ti dinya tuluy sistem lunar dirobah kana sistem solar dina mangsa Julius Caésar ngawasa keur ngalibrasi antara sebutan bulan jeung iklim anu aya di wewengkon sub-tropis..


Jadi memang intina aya gantar kakaitannana jeung pasualan ageman jeung kayakinan ogé. Ngan tetep baé kusabab kecap “bulan” geus ngadarah daging jeung kahirupan masyarakat alam dunya, kecap bulan tetep digunakeun keur nyebut itungan per 29-30 poé. Jadi henteu salah lamun tiap 29-30 poé sok disebut ganti bulan..


Sajarah sistem almenak solar jeung lunar kawilang panjang. Jeung ieu lalakon anu lila, oge lain sakeudeung-sakeudeung. Eta kusabab kalénder maséhi anu geus nepi kana taun 2022 ditangtukeun ku bralna nabi Isa. Jeung ieu anu matak disebut taun maséhi, lantaran diserep tina sebutan kameumeut nabi Isa, Al-Masih..


Sanajan kitu sistem solar saenyana geus digunakeun jauh saméméh nabi Isa dilahirkeun ku urang Romawi Kuno. Eta kusabab dina abad ka 2 nepi ka 3 maséhi, kakaisaran Romawi ngajadikeun Kristen salaku agama resmi. Antukna sistem kalénder dijadikeun jeung keur nangtukeun ti iraha almenak maséhi kudu dimimitiannana, bari ditangtukeun baé ku ngalibrasikeun kalénder kana poé nabi Isa dilahirkeun.


Taun hijriyah anu geus nepi kana taun 1443 ogé ditangtukeun ku kajadian anu aya hubunganna jeung sajarah kaislaman. Kajadian pindahna Rosulullah ti Mekah ka Madinah dijadikan itungan awal pananggalan taun hijriyah. Tapi sanajan kitu, ngaran bulan-bulanna mah geus aya jeung digunakeun ku masyarakat Arab Kuno saméméh nabi Muhammad dilahirkeun ogé.



Kalender Sunda Buhun


Masyarakat Sunda buhun ogé geus ngagunakeun kalénder solar jeung lunar. Sistem pananggalan solarna disebut Suryakala, sedengkeun sistem pananggalan lunar disebut Chandrakala. Bahkan lengkep jeung ngaran poé ogé bulanna..


Kalender Suryakala miboga 12 bulan di antarana: Kasa, Karo, Katiga, Kapat, Kalima, Kanem, Kapitu, Kawalu, Kasanga, Kadasa, Desta atawa Hapitlemah, Sada atawa Hapitkayu. Ngaran-ngaran bulan sistem lunar atawa Chandrakala nyaéta: Kartika, Margasira, Posya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Srawana, Badra, jeung Asuji..


Dina méré ngaran anu béda kana tiap bulan ditangtukeun ku fitur kahirupan anu sagulung-sagalang jeung masyarakat di tiap wewengkon. Tuluy ngaran bulan ogé ditangtukeun dumasar kana itungan (dérét angka ti hiji nepi ka saterusna)..


Namung ngaran jeung jumlah bulan ieu ogé kungsi ngalaman robah, dumasar saha anu nyieun jeung ngagantina. Biasana mah dipangaruhan ku pasualan kakawasaan, kawas dina kalender Maséhi aya ngaran Juli (Julius) jeung Agustus (Octavianus Augustus)..


Salian ti eta, sawaréhna ditangtukeun ku ngaran usum, iklim, kariaan, jeung hal séjén anu jadi tradisi jeung kabiasaan hiji masyarakat. Conto, bulan Muharrom miboga harti bulan anu disucikeun sabab masyarakat Arab Kuno salaku séké sélér Semit miboga kayakinan aya sababaraha kajadian rongkah dina éta bulan di antarana: nabi Adam dipindahkeun ka Bumi, banjir jaman nabi Nuh, Nabi Ibrahim salamet tina siksa Namrud/Nimrod, jasad nabi Yunus diburakeun ku lauk Nun ka basisir, nabi Yusuf kaluar tina pangbérokan, jeung nabi Musa salamet nalika diuudag ku Ramses II.


Suryakala leuwih dipangaruhan ku itungan (dérét angka). Ieu kusabab nalika nilik ka kekecapan anu digunakeun dina almenak Suryakala leuwih anyar dibanding Chandrakala anu masih ngagunakeun kecap-kecap buhun..


Sapertos misalna Kartika miboga harti béntang, nu hartina aya hubungan jeung tradisi wewengkon séjén nyaéta Easter (Ishtar) atawa Astarte. Caritana kecap Astarte teh sebutan keur déwi anu dipupuja ku masyarakat Fénisia jeung Babilonia..


Namung ku masyarakat Arab disebatna Allatta (Latta). Sedengkeun masyarakat Romawi Kuno nyebutna Vénus atanapi béntang, nu hartina planét anu caang katénjo tiap isuk ti beulah wétan nalika usum halodo..


Keterangan: Sumber asli artikel berasal dari sini, namun dengan beberapa sedikit perubahan.

Post a Comment for "Taun Masehi, Hijriyah, jeung Sunda"