Contoh Ceramah Singkat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 01)

ilustrasi gambar oleh theinsidemag.com (edited by zaeabjal.my.id)


Contoh Ceramah Singkat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 01)


Tema: Berbakti Kepada Orangtua


السلام عليكم ورحمةالله وبركاته


Alhamdulillahirobbil 'alamin. Wabihi nasta'inu 'alaumuriddunya waddin. Wassholatu wasalamu 'ala ashrofil anbiyai walmursalin. Wa'ala alihi washohbihi ajma'in. 'Amma ba’du..


Sateuacan abdi ngamimitian ieu ceramah, hayu sumangga urang panjatkeun puji syukur kana kahadirat Alloh Subhanahu wa Ta'ala, anu maha suci nu parantos nyiptakeun langit jeung bumi..


Sholawat sinareng salam oge mugia tetep kacurah limpahkeun ka jungjungan alam, nyaeta habibana wanabiyyana kangjeng Nabi Muhammad SAW..


Hadirin sadayana! Dina kasempatan anu bungah ieu, Insya Allah simkuring bade ngadugikeun hiji biantara ngeunaan kana pikanyaah indung jeung bapa. Leresna pentingna urang teh hormat kanu jadi indung jeung bapa..


Naha simkuring bade ngabahas bab iyeu? Sabab eta dua jalmi teh mangrupakeun jalmi-jalmi anu ageung pisan pangaruhna nu aya dina kahirupan urang sadaya..


Bapa urang nyaeta hiji jalmi nu kiat, anu rela ngorbankeun sagalana pikeun bisa ngabahagiakeun urang salaku nu jadi anak. Malih anjeuna rela saban dinten midamel kadieu kaditu, supaya tiasa ngahirupan anak sareng carogena.


Kitu oge ka indung urang, nu nyeta hiji jalmi anu mulia pisan nu jasana teu bisa ka itung. Sabab anjeunna anu parantos ngalakukeun 6N keur urang. Cig hadirin, uninga teu 6N teh?


6N teh nyaeta singkatan ti:


1. Ngandung

2. Ngalahirkeun

3. Nganyusuan

4. Ngarawat

5. Ngagedekeun

6. Ngadidik urang nu salaku anakna


Leres teu???


Coba urang bayangkeun hadirin! Sakitu ageungna pisan eta jasa sareng pangorbananana nu parantos dipasihkeun ka urang sadaya. Malah mah urang bisa jadi kos kieu oge jeung lahir di dunya ieu oge, ku sabab ku dua jalmi eta. Leres?


Bahkan lamun diitung-itung jasa anjeunna, sadayana ge moal bakal bisa kagantikeun, sanajan ku emas jeung permata sakali oge. Enya kitu, teras naon anu kedah ku urang lakukeun pikeun ngabales jasa-jasana?


Nyaeta ku jalaran hormat, taat, jeung patuh kana sagala parentahna. Sabab sakumaha anu parantos disebutkeun ku Kanjeng Nabi tina hadistna:


رض الله في رض الوالد ين وصخط الله في صخط الو ين


Nu hartina: Karidhoan Alloh nyaéta karidhoan kolot urang, jeung kamurkaan Alloh nyaéta kamurkaan kolot urang ogé.


Dina hadist eta parantos jelas, yen lamun urang patuh jeung taat ka kalot urang, mangka kolot urang oge bakalan reseup jeung bunggah boga anak sapertos urang. Teu hilap bari ngadoa supaya tiasa asup ka surgana Alloh. Amiin yaa robbal alamin..


Teras lamun ceunah urang doraka ka kolot urang, mangka Alloh ogé bakalan leuwih murka jeung ngasupkeun urang ka narakana Alloh. Naudzubillah minzalik!


Hadirin sadaya! Hoyong lebeut ka surga sadayana?


Lamun hoyong, hayu urang hormat kanu jadi kolot urang. Salah sahijina nyaeta hayu mangga sami-sami urang ayeuna ngadua ka kolot urang, nyaeta indung bapa urang..


اللهم اغفرلنادنوبناوارحمهماكماربيناصغير نا


Nah mung sakitu anu tiasa ku simkuring dugikeun. Mugia iyeu sing aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Hatur nuhun tina sagala perhatiana jeung hampunten bilih aya kaleupatan ti simkuring dina ceramah iyeu..


والسلام عليكم ورحمةالله وبركاته


Keterangan: sumber asli artikel dari basasunda.com, namun dengan beberapa sedikit perubahan.

1 comment for "Contoh Ceramah Singkat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 01)"

  1. Jouer en argent reel a sa propre adrenaline, ses avantages mais egalement ses risques. Phone on line casino free bonus within the UK, Book of Ra slot 1xbet additionally has a excessive volatility rating. Ce jeu est tres populaire dans les salles de jeux a travers le monde surtout dans les casinos au Macao.

    ReplyDelete