Carita Bodor: Supir Treuk Ditilang Pulisi
(Cerita Lucu: Supir Truk Ditilang Polisi)
Dina hiji peuting, saurang Supir Treuk keur jongjon ngajalankeun treukna. Tapi teu lila ujug-ujug manehna disalip ti tukang, ku mobil Patroli Pulisi jeung tuluy diereunkeun treukna.
(Pada suatu malam, seorang supir truk lagi santai menjalankan truknya. Namun tak lama tiba-tiba dia disalib dari belakang, oleh mobil Patroli Polisi dan lalu diberhentikan truknya).
Pulisi : "Wilujeng Wengi Pa". Bari ngahormat.
("Selamat malam Pak!". Sambil memberi hormat).
Supir : "Wilujeng Wengi, aya naon ieu teh Pa?". Bari rada sieun oge eta supir ku Pulisi.
("Selamat malam, ada apa ini Pak?". Sambil merasa ketakutan juga itu supir sama Polisi).
Pulisi : "Tiasa ningal heula surat-surat kendaraanna Pa?"
("Bisa melihat dulu surat-surat kendarannya Pak?").
Supir : "Ieu aya Pa! Sadayana lengkap. Aya SIM, STNK sareng KTP ge aya Pa". Bari ngasongkeun surat surat nu dipenta ku Pulisi.
("Ini ada Pak! Semuanya lengkap. Ada SIM, STNK sama KTP juga ada Pak". Sambil memberikan surat-surat yang diminta sama Polisi).
Pulisi : "Muhun ieu tos lengkap. Tapi ti iraha Bapa ngajalankeun treuk bari teu nganggo lampu tukang?".
("Iya ini sudah lengkap. Tapi sejak kapan Bapak menjalankan truk dengan tidak memakai lampu belakang?").
Supir : "Haah maenya sih Pa?". Bari terus ka tukang nempo treukna.
("Haah masa sih Pak?". Sambil lalu ke belakang melihat truknya).
Sanggeus nempo lampu tukang treukna, eta supir langsung ceurik bari gogoakan. Kosna manehna jiga nu sedih pisan, pas nempo lampu tukang treukna. Ningali kaayaan kitu, nya Pulisi ge tungtungna mah jadi karunyaeun. Kusabab kitu, Pulisina terus ngadekeutan jeung ngomong ka si supir.
Setelah melihat lampu belakang truknya, itu supir langsung nangis sambil meraung-raung. Sepertinya dia merasa sedih banget, saat melihat lampu belakang truknya. Melihat keadaan itu, ya Polisi juga akhirnya jadi merasa iba. Oleh sebab itu, Polisinya menghampiri dan ngomong ke si supir truk.
Pulisi : "Tos tos Pa! Teu kengeng sedih kitu. Didenda atanapi ditilang ge da paling moal sabaraha Pa. Ayeuna kieu we, keun ku Abdi dipasihan kabijaksanaan".
("Sudah sudah Pak! Jangan sedih begitu. Didenda atau ditilang juga paling nggak bakal seberapa. Sekarang begini saja, biar saya kasih kebijaksanaan").
Supir : "Sanes kitu Pa! Abdi mah bade didenda atanapi ditilang oge teu janteun masalah". Bari terus ceurik.
("Bukan begitu Pak!. Saya mah mau didenda atau ditilang juga nggak bakal jadi masalah").
Pulisi : "Nya ari atos, kunaon atuh meni sedih kitu?"
("Ya kalau sudah, kenapa dong sampai sedih begitu?")
Supir : "Masalahna gandengan treuk Abdi lesot dimana? Mangkaning eusina sapi 10 siki jeung pamajikan anu ngora deuih".
("Masalahnya gandengan truk saya lepas dimana? Mana isinya sapi 10 ekor dan isteri yang muda lagi").
Pulisi : "Haahh?". Bari rada reuas eta Pulisina. "Buru geura teangan atuh! Soalna bisi kaburu kapanggih ku nu maca".
("Haah?". Sambil agak kaget Polisinya. "Cepat segera dicari dong! Soalnya khawatir nanti ditemukan sama yang baca").

An if guess consists of minimal of|no much less than} two straight bets joined together by an if clause, which determines the wager process. If the participant's first choice complies with the condition , then the second choice λ¨Ήνκ²μ¦ could have motion; if the second choice complies with the condition, then the third choice could have motion and so forth. The potential payout of the parlay is determined by the mixed chance of all bets placed.
ReplyDelete