Makna dan Arti Kalimat "Laa Ilaaha Illallah" Dalam Bahasa Sunda

ilustrasi gambar oleh tim zaeabjal.my.id


Makna dan Arti Kalimat "Laa Ilaaha Illallah" Dalam Bahasa Sunda


 لا إله إلا الله (Laa Ilaaha Illallah)


Kalimat di luhur anu kasohorna disebat kalimat Talqin, eta teh ngandung napyi jeung isbat. Napyina ngeuweuhkeun sipat ka pangeranan ka salian ti Alloh. Teras isbatna netepkeun sipat ka pangeranan wungkul ka Alloh..


Tina napyi jeung isbat eta, tuluy timbul kalajiman nyaeta istighna jeung iftiqor. Istighna hartina nyaeta sugihna Alloh kana perkara salian ti Anjeunna. Sedengkeun iftiqor hartina nyaeta butuhna salian ti Alloh ka anjeunna..


Saterasna tina istighna eta, netepkeun kana ayana sipat anu 23. Sedengkeun tina iftiqor, netepkeun deui kana ayana sipat anu 18. Namung jumlah sadayana aya 41, anu nyaeta mangrupakeun aqidah Uluhiyyah (aqidah Ketuhanan)..


Sahingga ma’na laa ilaaha illalloh bisa dima’naan haqeqi, jeung bisa ku toriqillujum ( kalajiman ). Ma’na haqeqi hartina henteu aya deui pangeran anu haq diibadahan, kalayan ibadah anu sabenerna dina buktina anging Alloh..


Sedengkeun ma’na lajim hartina: henteu aya deui dzat anu sugih tina salian dirina oge, jeung henteu aya dzat anu kabeh perkara butuh ka Anjeunna anging Alloh. Tah ieu saenyana anu ngabedakeun antara syahadat syara’n jeung syahadat munjin..


Sakitu wae nu dipikahatur ti kami. Mugia seratan ieu sing tiasa nyandak mangpaat kanggo baraya sadayana. Atuh pami aya leresna, eta kersaning ti Alloh Ta'ala. Namung pami aya lepatna, eta mung ti kami, selaku pengurus jeung pengelola blog ieu..


Keterangan: Artikel asli ditulis oleh KH. Ujang Surahman di NU Online Jabar.


FYI: Beliau adalah salah satu Dewan Kiai di Ponpes Miftahul Huda Manonjaya Tasikmalaya.

Post a Comment for "Makna dan Arti Kalimat "Laa Ilaaha Illallah" Dalam Bahasa Sunda"