Contoh Khutbah Jum'at Dalam Bahasa Sunda
Judul: Pangeling-ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW
Khutbah Pertama
اَسَّلاَمُ عَلَيْكٌمْ وَرَحْمَةُاللهِ وَبَرَكَاتُهُ اَلْحَمْدُلِلهِ تَفَرَّدَبِالْبَقَاءِوَالدَّوَامِ هُوَالْحَيُّ الْقَيُّوْمُ ذُوْاْلجَلاَلِ وَاْلاِكْرَامِ وَيَدْعُوْاِلَى دَارِالنِّعَمِ وَالسَّلاَمِ اَشْهَدُاَنْلاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الْخَالِقُ لِجَمِيْعِ الْكَائِنَاتِ وَالْعَالَمِ،وَاَشْهَدُاَنَّ سَيِّدَنَاوَمَوْلاَنَامُحَمَّدًاعَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ السَّائِقُ اِلَى الخَاصِّ وَالْعَوَامِ.اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَاوَحَبِيْبِنَاوَشَفِيْعِنَامُحَمَّدٍشَىافِعِ اْلاُمَّةِفِى اَعْلَى الْمَقَامِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَمُحِبِّيْهِ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى اَخِرِاْلاَيَّامِ. اَمَّابَعْدُ،فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اتَّقُوْااللهَ اِنَّ لَكُمْ فِى رَسُوْلِ اللهِ اُسْوَةٌحَسَنَةٌلِنَيْلِ جَمِيْعِ النِّعَمِ وَاِذَاقُرِئَ الْقُرْأَنُ فَاسْتَمِعُوْالَهُ وَاَنْصِتُوْالَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ.أَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ:لَقَدْكَانَ لَكُمْ فِى رَسُوْلِ اللهِ اُسْوَةٌحَسَنَةٌلِمَنْ كَانَ يَرْجُواللهَ وَالْيَوْمِ اْلاَخِرَوَذَكَرَاللهَ كَثِرًااِنَّااَرْسَلْنَاكَ رَحْمَةًلِلْعَالَمِيْنَ.
Para hadirin sadaya, Sadaya puji kagungan Allah SWT. Rohmat sareng kawilujengan mugi di sanggakeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, jeung ka para sahabatna sareng umat-umatna sakalian..
Para hadirin sadaya, dina jaman kirang langkung 570 taun tina diangkatna Kanjeng Nabi Isa AS, ku Gusti Allah, umatna manusa di saantero jagat teh aya dina karuksakan dina sagala rupana. Boh agamana, kaamananana, ekonomina, ahlakna, sareng sajaba ti eta, dugi ka jaman harita nu disebut: jaman jahiliyah..
Ari pangna kitu, margi manusa di jaman harita dijajah ku hawa napsuna. Tegesna henteu aya padoman hirup anu pasti salian ti kahayang napsuna masing-masing, anu balukarna jalma-jalma di jaman harita diliputan ku papaseaan, panganiayaan. Saperti contona anu kuat ka nu lemah, hukum anu berjalan teu aya deui sajaba ti hukum rimba, jeung sakarep-karep..
Para hadirin sadaya, perlu diperhatoskeun! Yen dimana setiap kakacowan parantos marajalela, muncak dimana jeritan hate kaom-kaom anu lemah parantos sumarambah ka sakur imah, sakur kampung, sakur jalma anu lemah nandangan kadoliman ti pihak panguasa atanapi ti jalma anu gagah, Allah SWT sok ngutus salah sawios mahlukna sangkan ngancurkeun eta kadoliman sareng ngabelaan ka kaom-kaom anu dolim tea..
Tujuana nya piekun ngancurkeun kajahiliyahan sareung nanjeurkeun kaadilan, sareng bebeneran. Jeung mahluk nu diutus ku Gusti Allah eta namina Nabi Muhammad SAW..
Dawuhan Allah:
كَمَااَرْسَلْنَافِيْكُمْ رَسُوْلاًمِنْكُمْ يَتْلُوْاعَلَيْكُمْ اَيَاتِنَاوَيُزَكِيْكُمْ وَيُعَلِّكُمُ الْكِتَابَ وَالْحِكْمَةَ وَيُعَلِّمُكُمْ مَالَمْ تَكُوْنُوا تَعْلَمُوْنَ.(البقرة:151)
Hartosna : “Jeung pikeun nyampurnakeun ni’mat Allah ka maraneh, nya eta Kaula geus ngutus Utusan Kaula di tengah-tengah maraneh tur ti bangsa maraneh keneh, anu tugasna nyaeta:
1. Mangmacakeun ayat-ayat Kaula (nya eta Qur’an) ka maraneh.
2. Ngaberesihan (lahir batin) maraneh. Nyaeta diantarana tina musrik kana tauhid ka Allah, tina silih kaniaya kana silih pikanyaah, tina asal daroraka kana jalan tobat, tina asal henteu aya pantrangan antara halal jeung haram kana jalan neangan anu halal, tina asal henteu malire kana kasehatan jeung kaberesihan badan kana jalan kawajiban ngurus kasehatan sarta kaberesihan.
3. Ngajarkeun ka maraneh kana eusi kitab (Qur’an), anu eusina ngawengku kana mangrupa-rupa elmu pangaweruh, boh anu patali urusan hirup kambuh di dunya atawa anu patali jeung di aherat.
4. Ngajarkeun ilmu hikmat. Nyaeta sangkan maraneh bener dina sagala ucap jeung lampah.
5. Ngajarkeun elmu-elmu anu maraneh encan nyaraho.
Para hadirin sadaya, ku ayana kitu, tatela pisan yen tugas kawajiban Kanjeng Nabi Muhammad teh abot pisan. Kusabab mantenna teh kedah ngabarantas kaom musrik supaya jadi kaom tauhid, kaom darolim supaya jadi kaom anu hirup rukun jeung dame, tengtrem..
Hente aya panindesan ti anu kuat ka nu lemah, ti panguasa ka rahayatna, ti anu pinter kanu bodo. ngabarantas sosial ekonomi kapitalis kana sosial ekonomi Islamiyah anu adil, rata, anu beunghar mikanyaah ka anu miskin, jeung anu pinter mikanyaah ka anu bodo..
Para hadirin sadaya, tugas Kanjeng Nabi anu sakitu abotna teh tiasa dilaksanakeun dina lebet 23 tahun kalawan ngahasilkeun kakuatan Islam ka mana-mana dugi ka ayeuna, dugi kabudayaan Bangsa Arab jaman harita kawentar kamajuanana..
Ku ayana kitu Nabi Muhammad SAW, diangken ku sadaya para pamingpin dunya, yen mantenna teh hiji-hijina pamingpin anu pangunggulna, pangsuksesna dina ngajalankeun tugasna. Teras mantenna oge mampuh ngawangun masarakat anu asalna jahil, mundur, garalak, janten masarakat anu maju, masarakat anu palinter jeung sopan. Malah dina widang hukum mah janten sokoguru hukum ampir sajagat ieu..
Tangtu bisa kitu kusabab metode atawa cara anu dianggo ku Kanjeng Nabi SAW, dina ngemban tugasna ku babaraha cara. Diantarana nyaeta:
1. Mantenna pisan anu masihan conto, ngaluluguan kana jalan ibadah ka Gusti Allah sareng ngamumule ahlak anu sae (mahmudah).
2. Mayunkeun pendidikan mental/karohanian heula ka umatna, nyaeta ku elmu tauhid.
3. Ngabarantas sipat kabangsaan anu sempit ku pedah beda turunan atawa kapangkatan atawa kabeungharan. Sabab sadaya jalma sami mungguh Allah mah, luhur handapna martabat jalma diukur tina katakwaanana.
4. Ngabarantas sipat feudal, digentos ku sipat demokratis sareng sajabana.
Para hadirin sadayana, dina raraga mieling wetonan sareng perjuangan Kanjeng Nabi Muhammad SAW, mangga urang sami-sami ngaronjatkeun katakwaan urang ka Gusti Allah. Tegesna ngaronjatkeun da’wah Islam ka sakumna masarakat, numutkeun kana pamudut matenna, sakumaha dawuhan Allah:
قُلْ اِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّوْنَ اللهَ فَاتَّبِعُوْنِى يُحْبِبْكُمُ اللهُ(العمرن:31)
Hartosna : “Bejakeun ku andika Muhammad ka kaom andika: Yen lamun maraneh mikacinta ka Allah kudu nuturkeun kana talajak kaula, tangtu Gusti Allah oge mikanyaah ka maraneh.”
Para hadirin sadaya, perlu diemutkeun yen Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh:
1. Pangmulyana ti saantero mahluk Allah dina saantero para Nabi sareng Rasul Allah.
2. Nabi sareng Rasul Allah anu panutup.
3. Dipasihan wewenang pikeun ngabela/nyapaatan ka urang di dunya sareng aherat. Malah syafa’atul’uzhma sapaat anu pangagungna, nyaeta ka sakumna manusa engke dina poe kiamah jeung di arah-arah mahsyar.
4. Sangkan urang kenging sapaat ti anjeunna, nya kedah nyeueurkeun maca solawat sakumaha pidawuhna:
اَكْثِرُوَاالصَّلاَةَعَلَيَّ فَاِنَّ صَلاَتَكُمْ عَلَيَّ مَغْفِرَةٌلِذُنُوْبِكُمْ وَاطْلُبُوْاِلَى الدَّرَجَةَوَالْوَسِيْلَتِى عِنْدَرَبِّى شَفَاعَةٌ لَكُمْ.(رواهابن عساكر).
Hartosna : “Lobakeun maca solawat ka Kaula, sabab maca solawat ka kaula teh matak meunang pangampura Allah pikeun dosa-dosa maraneh, jeung parenta pikeun kaula darajat jeung kalungguhan anu deukeut ka Gusti Allah, saestuna tawasul ka kaula teh mungguh Allah mah bakal jadi sapaat pikeun maraneh.” (R. Ibnu Asakir).
Sareng peryogi kauninga, yen upami jalma maca solawat ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. kalawan husu, tinangtu antara rohna sareng roh Kangjeng Nabi teh aya kontak..
Dawuhanana:
اِنَّ ِللهِ مَلاَئِكَةًسَيَّاحِيْنَ يُبَلِّغُوْنَ عَلَيَّ صَلاَةَعَبْدٍمِنْ مَشَارِقِ اْلاَرْضِ وَمَغَارِبِهَا.(رواه أبوداود).
Hartosna: “Saestuna Gusti Allah teh kagungan para malaikat anu tugasna nganepikeun solawatna setiap hamba ti masyrik nepi ka magrib (ti wetan nepi ka kulon).” (HR. Abu Dawud).
Sareng dawuhanana: مَامِنْ عَبْدٍيُسَلِّمُ عَلَيَّ اِلاَّرَدَّاللهُ عَلَيَّ رُوْحِى لِ لاَرُدَّسَلاَمَهُ.(رواه أبوداود)
Hartosna: “Teu pati-pati hamba Allah maca salam ka kaula, anging Allah ngabalikkeun deui roh kaula ka kaula, sangkan kaula bisa ngajawab kana salamna eta hamba.” (R. Abu Dawud).
باَرَكَ اللَّهُ لِى وَلَكُمْ بِالاْاَيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَاللسَّمِيْعُ الْعَلِمُ. أَقُوْلُ قَوْلِىْ هَذَاوَاَسْتَغْفِرُاللهَ الْعَظِيْمَ لِى وَلَكُمْ وَلِسَائِرِالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْأَحْيَاءِمِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
Khutbah Kedua
اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ألِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، وَأَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ اْلقُرْآنِ الْكَرِيْمِ: يَاأَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ، وَقاَلَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: اتَّقِ اللَّهِ حَيْثُمَا كُنْتَ وَأَتْبِعْ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ. صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ النَّبِيُّ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ
Sumber: artikel asli berasal dari NU Online Jabar, namun dengan beberapa sedikit perubahan.

Post a Comment for "Contoh Khutbah Jum'at Dalam Bahasa Sunda"