Carita Bodor: Ketika Istri Pejabat Diinterogasi Polisi

ilsutrasi gambar oleh istockphoto.com (edited by zaeabjal.my.id)


Carita Bodor: Ketika Istri Pejabat Diinterogasi Polisi


Dina hiji mangsa, aya polisi keur ngainterogasi istrina pejabat, anu terdakwa dina kasus Kekerasan Dalam Rumah Tangga (KDRT). Manehna jadi terdakwa, kusabab neunggeulan salakina ku pot kembang, meja sareng korsina..


(Pada satu waktu, ada polisi sedang menginterogasi istrinya pejabat, yang jadi terdakwa dalam kasus Kekerasan Dalam Rumah Tangga (KDRT). Dia jadi terdakwa karena memukul suaminya dengan pot kembang, meja sama kursinya).


POLISI : "Naha ibu make ngalakukan kekerasan samodel kitu ka salaki ibu?".

(Kenapa ibu sampai melakukan kekerasan semacam itu ke suami ibu).


ISTRI: "Ahhh salaki nu borokokok mah, emang pantes dikitukeun Pa".

(Ah suami yang kurang ajar mah, memang pantas digituin Pak).


POLISI : "Emang salaki ibu kunaon kitu?".

(Memang suami ibu kenapa gitu).


ISTRI : "Kieu pa polisi. Saya teh pan nya ditoelan bari dikodokan isuk isuk subuh, tapi bari pokna teh ngomong kieu; Reni tabuh sabaraha ayeuna?".

(Begini Pak polisi. Saya itu kan ditoel-toel sambil diraba-raba, namun dia sambil ngomong begini; Reni pukul/jam berapa sekarang).


POLISI : "Teruss..???".

(Terus)


ISTRI : "Nya atuh langsung we ku saya teh dibaledog tah. Hiji ku pot kembang, nu ka dua kumeja jeung nu ka tilu ku korsi. Tadina mah nu ka opat rek ku lomari. Ngan kusabab teu ka angkat, jadi weh ngan ditalapung wae bobogaanna".

(Ya langsung sama saya dipukul tuh dia. Pertama sama pot kembang, kedua sama meja dan ketiga sama kursi. Tadinya mah yang keempat mau sama lemari. Cuma karena nggak ke angkat, jadinya cuma ditendang alat kelam*nnya).


POLISI: "Naha atuh teu pira kur nanyakeun jam oge, make kudu jeung disiksa sagala bu? Apa ibu teu karunya ka salaki ibu?".

(Kenapa cuma sekedar menanyakan jam saja, sampai harus menyiksa segala bu? Apa ibu nggak kasihan sama suami ibu?)


ISTRI: "Atuh pan heu'euh pa polisi. Coba sok we tingali dina KTP! Saya teh EUIS, lain RENI..!!! Paingan sok loba alesan lembur di kantor jeung balik subuh. Terus sok sering katangen resletingna muka keneh. Sugan teh enya wae alesana ti kait kana gagang panto cenah di hareup. Padahal mah meureun geus ulin jeung ngendong di imah si RENI eta".

(Aduh gimana ya Pak polisi. Coba saja lihat KTP! Saya itu EUIS, bukan RENI..!!! Pantesan suka banyak alasan lembur di kantor dan balik subuh. Terus suka sering lihat resletingnya masih terbuka. Kirain beneran alasannya, tersangkut gagang pintu depan katanya. Padahal mungkin saja sudah main ke rumah RENI dan menginap di sana).

Post a Comment for "Carita Bodor: Ketika Istri Pejabat Diinterogasi Polisi"