Contoh Khutbah Jumat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 03)

ilustrasi gambar oleh id.pngtree.com (edited by zaeabjal.my.id)


Contoh Khutbah Jumat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 03)


Judul: Puasa Jeung Hikmahna


Khutbah I


 أَلْحَمْدُلِلّٰهِ الّذِيْ أَنْعَمَنَا بِأَنْوَاعِ النِّعَمِ بَاطِنًاوَظَاهِرًاوَهَدَانَا سَبِيْلَهُ الْمُسْتَقِيْمَ لِسَلَامَتِنَا دُنْيًا وَ أُخْرَى، وَأَنْذَرَنَا مِنْ مَكَايِدِ الشَّيْطَانِ وَغَوَا ءِلِهِ الَّذِى يَكِيْدُنَا لَيْلًا وَنَهَارًا. أَشْهَدُ أَنْ لَاإِلٰهَ إلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ بَشِيْرًاوَنَذِيْرًا، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلٰى أٰلِهِ وَأَصْحَابِهٖ وَالتَّابِعِيْنَا، صَلَاةًوَسَلَامًا دَاءِمًا كَثِيْرًا. فَيَا عِبَادَ اللّٰهِ، أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللّٰهِ فَقَدْفَازَالْمُتَّقُوْنَ وَلَا تَتَّبِعُوْا خُطُوَاتِ الشَّيْطَانِ إِنَّهُ لَكُمْ عَدُوٌّمُّبِيْنٌ. يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ


Para hadirin sadayana. Saparantos maca hamdalah sholawat sareng salam ka kanjeng Nabi Muhammad SAW, para kulawargi, para sahabat sareng umatna, mangga urang ronjatkeun katakwaan ka Allah SWT. Kumargi mung ku jalan takwa kabagjaan dunya-akherat tiasa kahontal.


Para hadirin sadayana. Urang teh diwajibkeun puasa sabulan Ramadhan sareng disunatkeun puasa saba'da lebaran genep dinten, puasa dinten senen kemis sareng sajabina. Sajabi ti eta, disunatkeun oge solat Taraweh, tadarusan Al-Qur'an, nyeueurkeun sedekah, nahan amarah tina pasea, ngabohong, nyarios kasar. Ringkesna mah tina sakur-sakur anu dilarang ku Gusti Allah SWT.


Pidawuh Allah:


 يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ 


"He jalma-jalma anu ariman. Geus diwajibkeun ka maraneh ngalakonan puasa sapertos diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh maraneh, supaya maraneh tarakwa,"(QS. Al-Baqarah: 183).​​​​​​​


Pidawuh Nabi Muhammad SAW:


 شَهرُرَمَضَانَ شَهْرٌكَتَبَ اللهُ عَلَيْكُمْ صِيَا مَهُ، وَسَنَنْتُ لَكُمْ قِيَا مَهُ، فَمَنْ صَا مَهُ وَقَا مَهُ إِيْمَانًا وَاحْتِسَا بًا خَرَجَ مِنْ ذُنُوْبِهِ كَيَوْمِ وَلَدَتْهُ أُمُّهٌ. 


"Bulan Ramadhan teh bulan nu diwajibkeun puasa ku Allah ka maraneh. Kaula nyunatkeun ka maraneh supaya solat sunat dina peutingna. Sing saha jalma anu ngalakonan puasa jeung solat sunat karana kajurung ku iman jeung karana Allah wungkul tangtu kaluar dosana, (tegesna dihampura ku Allah), sahingga jeta jalma teh ibarat kakara dijurukeun ku indungna,". (HR Ibnu Majah jeung Baihaqi).​​​​​​​


Sareng pidawuhna:


 خمس خصال يفطرن الصائم وينقضن الوضوء: الكذب والغيبة والنميمة والنظر بشهوة واليمين الكاذبة   


"Aya lima perkara anu ngabatalkeun (ganjaran anu puasa), ngabatalkeun wudhu, nyaeta: ngabohong, ngupat batur, ngadu-ngadu, nempo awewe kalayan syahwat jeung sumpah palsu," (HR Azdy jeung Dailami).


Para hadirin sadayana.​​​​​​​ Dumasar kana dalil-dalil kasebut tadi, tetela pisan yen salami puasa teh urang sadaya diparentah ku Gusti Allah sangkan nyeueurkeun ibadah, boh ibadah anu wajib nya kitu deui anu sunat sareng ngantunkeun sagala perkara anu dilarang ku mantena, nyaeta anu matak ma'siyat.


Jadi ringkesna mah puasa teh ngandung hartos, yen urang sadaya diparentah kedah ngalatih diri masing-masing, ngalatih disiplin tunduk kana palaturan, ngeker hawa napsu tina sagala rupi kahoyong, kedah nahan lapar sareng dahaga sanajan sanes ku sabab teu aya dahareun atawa leueuteun.


Teras urang oge kudu nahan napsu amarah, kaambek, nyarios kasar sareng papaseaan sanes ku pedah henteu wani ka musuh, kedah nahan napsu ku cara nyeueurkeun ibadah maca Qur'an, sholawat, solat taraweh, sanajan badan karaos laleuleus atawa lalungse, nyeueurkeun sedekah saaya-aya sanaos dipikabutuh, sareng amal sholeh nu sanesna.


Ulah salah nya. Ku ayana seueur sedekah teh sanes ngurangan rejeki. Tapi malah sok nambihan, sakumaha kasauran sapalih ulama:


 أنفق ما في الجيب يأتيك ما في الغيب 


"Napakahkeun rejeki anu aya dina saku, niscaya bakal datang rejeki anu hnteu disangka-sangka,".


Para hadirin sadaya.​​​​​​​ Ngeker hawa napsu teh mangrupi sarat pokok kana tiasa ngahontal kana kabagjaan dunya-akherat. Sabab ngalajur hawa napsu mah sok matak nyilakakeun dunya-akherat. ​​​​​​


Geura mangga buktoskeun kajantenan anu karandapan ku sawatara jalmi anu sok ngalajur ku cara kabedegongan, harak, galak ka batur, katakaburan, hiri dengki, komo upami sok maen judi, maling, ngarampog, maksa mirosa ka batur, ngaroko ganja, narkotika, nginum arak sareng sajabina, akhirna carilaka henteu baragja.


Sok coba we contona sepertos ku ayana maen domino, buntut, togel sareng cara sejenna, seuseueurna mah rarugel. Anu untungna mung saurang atawa dua, sedengkeun anu rugelna mah rebuan. Malah mungkin puluhan rebu jalmi.


Sabab kitu, ku margi pidawuh Allah ngariwayatkeun kasauran Nabi Yusuf AS:


 وَمَآ أُبَرِّئُ نَفْسِىٓ ۚ إِنَّ ٱلنَّفْسَ لَأَمَّارَةٌۢ بِٱلسُّوٓءِ إِلَّا مَا رَحِمَ رَبِّىٓ ۚ إِنَّ رَبِّى غَفُورٌ رَّحِيمٌ 


"Kaula moal ngantep kana kahayang napsu kaula, sabab napsu teh salawasna ngajak kana kagorengan bae. Kajaba, napsu anu dipicinta ku Pangeran kaula. Saestuna Pangeran kaula Maha Ngahampura tur Maha Asih,". (QS Yusuf: 53).


​​​​​​​Sareng dawuhan Nabi Muhammad SAW:


 إِنّ أعْدٰى أَعْدَاءِكَ نَفْسُكَ الَّتِيْ بَيْنَ جَنْبَيْكَ 


“Ari musuh kabuyutan maneh nyaeta napsu maneh anu aya dina antara dua gigir maneh (dada),” (HR Baehaki).​​​​​​​


Tah napsu anu kitu disebatna napsu amarah. Hikmah puasa teh diantarana pikeun ngekerna.


Para hadirin sadayana. ​​​​​​​Upami napsu urang parantos tiasa dikeker, dikadalian ku akal anu sehat serta nganggo padoman Al-Qur’an sareng sunnah Rasulullah SAW, tinangtu urang sadaya bakal bagja.


Napsu anu kitu teh balukarna nyaeta upami urang ngagaduhan kakayaan tangtos anu halal, resep kana ibadah ka Allah, tunduk kana hukum agama-Na, dina enggoning campur gaul sareng masyarakat nganggo akhlak anu hade, resep tulung tinulung, buru-buru ka papada batur, ka tatangga sareng sajabina, tangtos hirup urang bakal bagja, jeung moal aya sangsara dunya-akherat oge.​​​​​​​


Kumargi kitu, kasauran sapalih ulama:


 طُوْبٰى لِمَنْ كَانَ عَقْلُهُ أَمِيْرًا وَهَوَاهُ أَسِيْرًا، وَوَيْلٌ لِمَنْ كَانَ هَوَاهُ أَمِيْرًا وَعَقْلُهُ أَسِيْرًا. 


“Ari kabagjaan teh pikeun jalma anu akalna jadi pamingpin jiwana (tegesna sadaya tingkah polahna dumasar kana hasil pamikiran akal anu sehat, henteu ngagugu napsu) jeung hawa napsuna jadi tawananana (tegesna henteu dilajur sakahayangna). Ari kacilakaan pikeun jalma anu hawa napsuna jadi pamingpin jiwana jeung akalna jadi tawananana (tegesna sagala tingkah polahna ngagugu hawa napsuna henteu disaring ku akal anu sehat),”.


Para hadirin sadaya​​​​​​​. Tah hawa napsu anu tiasa dikeker atawa dikadalian ku akal anu sehat disebat: napsu mutmainnah atawa mardliyah. Nu hartina nyaeta napsu anu tenang, matak tenang deui.​​​​​​​Dawuhan Allah jaga di akherat: 


يَٰٓأَيَّتُهَا ٱلنَّفْسُ ٱلْمُطْمَئِنَّةُ # ٱرْجِعِىٓ إِلَىٰ رَبِّكِ رَاضِيَةً مَّرْضِيَّةً # فَٱدْخُلِى فِى عِبَٰدِى # وَٱدْخُلِى جَنَّتِى 


“He napsu muthmainnah. Pek balik maneh ka Pangeran maneh bari maneh mikarido sarta dipikarido (ku Pangeran). Pek geura asup ka jero golongan hamba kaula. Jeung asup ka sawarga kaula,”. (Al-Fajr: 27-30).​​​​​​​


Sareng Pidawuh-Na: 


 قَدْ أَفْلَحَ مَن زَكَّىٰهَا # وَقَدْ خَابَ مَن دَسَّىٰهَا 


“Bagja temen jalma anu ngaberenihan jiwana. Jeung cilaka temen jalma anu ngotoran jiwana (napsuna),”. (QS Asy-Syams: 9-10).


Para hadirin sadayana.​​​​​​​ Upami ku urang dititenan, puasa teh ngandung rupi-rupi hikmah, diantawisna:


Urang sadaya kedah tiasa rikrik gemi dina ngabalanjakeun hart abanda, ulah sok roroyolan anu henteu atawa kurang mangpaatna, margi roroyolan the bakal ngaruksak sarta dicaram ku Gusti Allah, sakumaha pidawuh-Na:


 وَءَاتِ ذَا ٱلْقُرْبَىٰ حَقَّهُۥ وَٱلْمِسْكِينَ وَٱبْنَ ٱلسَّبِيلِ وَلَا تُبَذِّرْ تَبْذِيرًا 


“Peupeujeuh maneh ulah natambuh hartaa banda (dipake roroyalan). Saestuna jalma anu sok roroyalan/natambuh harta banda, eta the dulur setan. Jeung kaayaan setan the pohara ingkarna ka Pangeran,”. (Al Isra: 26-27).


Kedah silih pikanyaah sareng sasama manusa malah ka sato hewan oge kedah. Komo ka pakir miskin mah. Ari carana mikanyaah ku rupi-rupi hal bae, kayaning masihan harta atawa nulungan kasusahna ku harta atawa jasa atawa ku nasehat anu matak mangpaat.


Malah ku nulungan ucing kahujanan oge matak dilebetkeun ka sorga, sakumaha anu kaunggel dina hadits Nabi SAW. Ku ngalakonan puasa urang sadaya kenging kabungah anu pohara pisan nalika buka. Komo jaga di akherat upami nampi ganjaran ti Gusti Allah.


Jadi ku ngalakonan puasa urang sadaya bakal tiasa ngeker napsu upami sawaktos-watos kakurangan rejeki, boh dahareun atawa sanesna. Ku ngalakonan puasa badan urang tambih sehat lahir bathin, jasmani katut rohani sareng pikiran urang.


Contona sapertos jalmi anu ngagaduhan panyawat tekanan darah tinggi malah maag oge tiasa sae. Ku ngalakonan puasa, iman urang tambih kiat, margi ku ayana iman dina jero hate, jalmi teh leres puasana. Upami henteu dumasar kana kakuatan iman, puasana moal leres. Mungkin puasana sakadar dipayuneun jalmi hungkul. Meleng ti batur mah buka.


Teras ku ngalakonan puasa oge tiasa ngaronjatkeun akhlak anu hade. Tiasa nambihan tawakal ka Allah, ngaraos di tingali ku Gusti Allah, nambihan getol ibadah, nambihan rikrik gemi dina ngatur balanja rumah tangga bari henteu hilap kana mere maweh ka jalmi anu susah, sareng tingkah laku sanesna.


Para hadirin sadaya Kumargi kitu, manga urang ronjatkeun katakwaan urang ka Allah SWT ku ngamumule puasa urang sangkan karaos nikmatna, tebihan sakur hamana anu matak ngabatalkeun kana ganjaranana sapertos anu diterangkeun tadi dipayun, bari teu weleh neneda pitulung sareng pituduh Allah SWT.


Kunoan kerah? Kumargi upami teu aya pitulung sareng pituduh mantena, urang sadayana moal tiasa ngalakonan takwa. Mung anu penting, urang sadayana ngagaduhan I’tikad anu sae kana ngaronjatkeun katakwaan eta, nu insya Allah muarana gusti Allah bakal nulungan ka urang sadaya.


Khutbah II


 اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى اِلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا مَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهّ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ الْمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتَنِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَر. 


(KH Moch Anwar)


Keterangan: Sumber artikel berasal dari NU Online Jabar, namun dengna beberapa sedikit perubahan.

Post a Comment for "Contoh Khutbah Jumat Dalam Bahasa Sunda (Bagian 03)"