Contoh Khutbah Jum'at Dalam Bahasa Sunda (Tema Kemerdekaan)

ilustrasi gambar oleh pngtree.com (edited by zaeabjal.my.id)


Contoh Khutbah Jum'at Dalam Bahasa Sunda (Tema Kemerdekaan)


Khutbah I


الْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، الَّذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ وَمَا أَخْفَاهُ، الْمُتَكَفِّلُ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلاَ يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهُ، أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَاأَعْطَاهُ. أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلاَّ اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ

 أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكٌمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، ﴿وَلَا تَحْسَبَنَّ اللَّهَ غَافِلًا عَمَّا يَعْمَلُ الظَّالِمُونَ إِنَّمَا يُؤَخِّرُهُمْ لِيَوْمٍ تَشْخَصُ فِيهِ الْأَبْصَارُ﴾، وَقَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، وَاتَّقِ دَعْوَةَ الْمَظْلُومِ، فَإِنَّ دَعْوَةَ الْمَظْلُومِ مُجَابَةٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَمَّا بَعْدُ


Sidang jumah rohimakumulloh. Puji sinareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Gusti Anu Maha Suci, nyaeta Alloh Robbul Izzati. Nu mana dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang sadayana, ti kawit urang gubrag ka alam dunya dugi ka ayeuna. Teu kakantun ni’mat taufiq sareng hidayah hingga dina dinten ieu urang tiasa kempel di tempat anu mulya, dina raraga ngalaksanakeun netepan jumah berjamaah.


Solawat sareng salam mugia dikucurkan ka panutan alam, panghulu para nabi, yakne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Teu kakantun ka kulawargina, para sahabat, para tabi’in, para tabi’it tabi’in, dugi ka urang sadayana anu mugi-mugi dipaparin kakiatan kanggo turut-tumut kana ajaran mantenna, kalayan di akherat urang kenging syafaatna. Amiin


Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh


Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, khotib wasiat khusus ka diri khotib pribadi, umum ka jamaah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Alloh SWT. Sabab takwa mangrupakeun kagindingan keur kaimanan urang.


Jeung takwa oge mangrupakeun tameng keur urang ngalaksanakeun sagala parentah Alloh, sareng nebihan larangan-Nana. Atuh ku kituna mugia urang teh sadayana sing digolongkeun ku Alloh, salaku jalmi-jalmi anu iman sareng takwa kalayan di akherat bagja ngengingkeun rohmat sareng rido-Na. Amin ya robbal alamin.


Hadirin kaom Muslimin sidang Jumah anu mulya


Kamari-kamari urang tos mieling Hari Ulang Taun (HUT) anu ka-78 Kamerdekaan Republik Indonesia. Tepatna nuju kaping 17 Agustus 2023, negara urang teh tos tujuh puluh lima taun merdeka. Tangtu sanes waktos anu singkat kanggo urang.


Saenya-enyana, kamerdekaan eta teh sanes hadiah ti penjajah, sareng sanes hibah ti nagara deungeun. Nanging kamerdekaan nu diraih ku bangsa urang murni anugrah ti Gusti Nu Maha Suci, ngalangkungan perjuangan para pahlawan, ti kawit harta, harti, tanaga, dugika darah jeung nyawa.​​​​​​​


Teu salah nu diuningakeun ku UUD 1945, yen kamerdekaan bangsa Indonesia teh nyaeta berkat rohmat Alloh anu maha kawasa. Para pahlawan tos satekah polah berjuang, ngerahkeun upaya jeung ikhtiar, hingga tungtungna Alloh ngairodah tegesna maparin kameunangan jeung kamerdekaan keur bangsa urang.


Atuh ku kituna urang teh kedah ngucap syukur Alhamdulillah ka Alloh. Sabab dugi ka ayeuna urang hirup di alam kamerdekaan teh hasil ti perjuangan para pahalawan jeung luluhur urang.​​​​​​​ Sakali deui urang kedah ngucap syukur, sabab ukur Alloh anu tiasa ngelehkeun musuh jeung penjajah bangsa urang baheula:


وَهَزَمَ الْأَحْزَامَ وَحْدَهُ​​​​​​​


Hartosna: “Alloh nyalira ngelehkeun sadayana musuh.



Tapi saenyana rasa syukur eta, ku urang kedah dilebetan ku perkara-perkara anu sae tur mangpaat. Boh mangpaat keur diri pribadi, keur masyarakat, oge bangsa Indonesia nu dipikacinta. Katambih jalmi nu teu syukur teh tos diancam ku adzabna Alloh. Sabalikna lamun urang syukur ka Alloh, maka nikmat kamerdekaan eta bakal ditambih ku ni’mat-ni’mat sanesna, sakumaha dawuhannana:


لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَأَزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذابِي لَشَدِيدٌ ​​​​​​​


Hartosna: “Lamun aranjeun bersyukur, maka Kami bakal nambihan (ni’mat) keur aranjeun. Ngan lamun aranjeun kalufur, maka (sing emut) siksa Kaula pohara beurat,” (QS. Ibrohim  [14]:7).


Salajengna kumaha nyukuran kamerdekaan ieu? Uih deui kana definisi syukur, nyaeta ngagunakeun ni’mat sesuai sareng kahoyong anu maparin ni’mat. Nyakitu deui ni’mat kamerdekaan, ieu kedah disyukuran sareng dieusian ku taat ka Alloh sareng rupi-rupi kasaean.


Eta mah bade kasaean keur diri pribadi, kasaean keur masyarakat, sareng kasaean keur nusa bangsa. Tegesna mah ulah rek ngeusian kamerdekaan ieu ku kamaksiatan sareng kakufuran ka Alloh. Sumawona ku kamungkaran sareng permusuhan sasama anak bangsa.​​​​​​​


Cotohna sakedap deui, urang baris mayunan pesta demokrasi. Hartosna urang bakal milih calon-calon pamingpin urang. Atuh mugia urang sing dipaparin para pamingkin anu jujur tur amanah kalayan anu deudeuh ka sadayana rahayatna.


Tangtu we pamingpin anu tiasa mayungan ka sadayana warga. Nanging kade ulah rek dikotoran ku tindakan-tindakan teu jujur, tindakan saling ngarendahkeun, saling hina, saling lecehkeun, anu kadituna matak nganteurkeun kana perpecahan sareng ngajauhkeun tina rohmat Alloh.​​​​​​​


Salajengna, mensyukuri ni’mat kamerdekaan, tiasa dilakukeun ku rupi-rupi kasaean sesuai tugas sareng kapasitas masing-masing. Anu janten pejabat, nyukuran ni’mat kamerdekaan ku ngajalankeun tugas jabatanna kalayan pinuh tanggung jawab.


Kitu oge anu janten tentara, nyukuran ni’mat kamerdekaan ku cara ngajaga kaamanan nagara kalayan totalitas. Teras anu janten abdi nagara, nyukuranna ku cara soson-soson ngajalankeun tugas sareng fungsina kalayan amanah sareng pinuh pangabdian. Jeung saterasna.​​​​​​​


Intina urang sadayana, bade istri bade pameget, naon wae latar belakang sosial urang, naon wae latar belakang pendidikanna, sareng profesi urang, kedah midamel amal soleh. Namung anu didadasaran ku iman ka Alloh.


Sabab jalmi nu midamel amal soleh sareng didadasaran ku kaimanan, parantos dijamin bakal dipaparin kahirupan anu sae. Malahan bakal dipasihan balasan anu langkung sae ti perkara anu dipidamelna, sakumaha anu diuningakeun ku Alloh dina Al-Quran.


مَنْ عَمِلَ صالِحاً مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَياةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ ما كانُوا يَعْمَلُونَ ​​​​​​​



Hartosna: “Sing saha-saha jalma anu midamel amal saleh, pameget atanapi istri, sementara anjeuna iman, maka Kaula bakal masihan kahirupan ka anjeuna kalayan kahirupan anu sae, sareng bakal masihan pembalasan ka maranehna kalayan pembalasan anu langkung sae ti perkara anu dipidamel ku maranehna,” (QS. an-Nahl [27]: 97).


Tah ku kituna, janten jelas tur tetela kanggo urang sadayana, nu jadi dasar sagala rupi amal soleh teh nyaeta kaimanan. Hartosna, teu tiasa disebatkeun midamel amal soleh, lamun teu didadasaran ku kaimanan ka Alloh, iman ka para malaikat, sareng iman ka perkara-perkara nu tos ditetepkeun dina rukun iman sanesna.​​​​​​​


Nyakitu deui urang ngamumule kamerdekaan. Moal sampurna upami teu didadasaran ku iman ka Nu Maha Kawasa. Sabab anu leres-leres syukur ka Alloh sareng kana ni’mat kamerdekaan nyaeta jalmi-jalmi anu iman.


Contohna syukur nalika anjeuna tiasa soson-soson ibadah ka Alloh dina kaayaan lalugina teu aya halangan-harungan, oge teu aya gangguan kaamanan. Ayeuna coba anjeun bayangkeun, kumaha upami ibadah dina kaayaan teu acan merdeka?


Tangtos moal jongjon. Sabab ibadah dina kaayaan serba sulit, ku lantaran ibadah dina kaayaan teu aman sareng pahibutna perang. Leres-leres matak ringrang jeung honcewang.​​​​​​​


Nanging, berkat dua sadayana rahayat Indonesia waktos harita, sareng perjuangan berdarah-darah para pajuang, dugi ka Alloh ngalungsurkeun rohmat-Na sahingga terwujud kamerdekaan sapertos ayeuna. Nah ayeuna hayu urang syukuran, mumule, sareng eusian ku perkara-perkara kasaean kalayan didasaran ku kaimanan.​​​​​​​


Teu hilap lajengkeun oge jihad sareng perjuangan para luluhur urang. Nanging, sanes ku mangrupi perang sareng angkat senjata. Tapi ngeusiannana ku jihad ngalawan kabodoan, ngalawan kemalasan, ngalawan hawa nafsu anu matak nyusrukkeun urang kana kacilakaan sareng kasangsaraan, dunya sumawona akherat.​​​​​​​


Sing emut yen ieu alam kamerdekaan teh ni’mat ti Alloh nu ngalangkungan perjuangan para pahlawan bangsa. Jadi ulah rek disia-siakeun, jeung ulah rek dipinuhan ku perkara-perkara anu nyulayaan kana parentah pangeran. Sumawona lamun dipinuhan ku kamaksiatan, kakufuran sareng kamungkaran.


Tegesna mah urang teh kudu sing seueur eling ka Dzat anu maparinna nyaeta Alloh SWT. Sapertos misalna dieusian ku rupi-rupi padamelan anu nunjukkeun kaimanan sareng katakwaan, atawa ku rupi-rupi padamelan anu matak nganteurkeun bangsa urang merdeka anu hakiki, maju jeung bersaing sareng bangsa-bangsa deungeun dina sagala widang.


Atuh sugan we ku lantaran iman jeung takwa eta, Alloh bakal ngalungsurkeun kabarokahan kanggo urang sadayana. Tangtu we ieu sakumaha jangji Alloh dina Al-Quran, nu bakal ngalungsurkeun rupi-rupi kahadean, kaamanan, kamakmuran, ka hiji nagri anu pangeusina ariman sareng tarakwa ka Mantenna. 


وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنا عَلَيْهِمْ بَرَكاتٍ مِنَ السَّماءِ وَالْأَرْضِ


Hartosna: “Sareng saupamina, saenya-enyana pangeusi nagri-nagri, ariman sareng tarakwa, maka temen-temen mukakeun Kaula keur maranehna, rupi-rupi kabarokahan ti langit sareng ti bumi.” (QS. al-A’raf [7]: 96).  


Tah di dinya disebatkeun yen kaimanan sareng katakwaan teh saenyana bakal janten rahasia keur ngahontal rupi-rupi kasaean Alloh. Nyakitu deui kaimanan sareng katakwaan anu janten konci keur mukaan kabarokahan Alloh ti langit sareng ti bumi keur nagri urang. ​​​​​​​


Matakna ayeuna hayu urang tingkatkeun iman jeung takwa urang. Sanes kur janten modal keur ngeusian kamerdekaan nagara urang hungkul, anu tos 78 tahun. Namung oge janten konci natratna amal soleh urang dipayuneun Alloh SWT.


بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 
Khutbah II



اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ.  اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ​​​​​​​



Keterangan: Sumber artikel asli berasal dari NU Online Jabar, namun dengan beberapa sedikit perubahan.

Post a Comment for "Contoh Khutbah Jum'at Dalam Bahasa Sunda (Tema Kemerdekaan)"