Contoh Pidato Sambutan Bahasa Sunda di Acara Khitanan Anak

ilustrasi gambar oleh pixabay (edited by zaeabjal.my.id)


Contoh Pidato Sambutan Bahasa Sunda di Acara Khitanan Anak


Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarakotuh.


Bismillahirohmanirohim.


Alhamdulillahi Rabbil 'Alamin. Wassholatu Wassalamu 'ala Asyrofil Abiya'i wal Mursalin. Wa'ala Alihi Washohbihi Ajma'in. 'Amma Ba'du.


Kalawan ngedalkeun sukur, Alhamdulillah hayu urang sami-sami ngucapkeun puji sareng sukur nu disanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Sabab ku rahmat sareng hidayah-Na, urang sadayana tiasa ngempel dina ieu tempat, dina kaayaan séhat wal’afiat. Amin.


Teu hilap sholawat sinareng salam, mugia dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, nyaeta Habbibana wa Nabiyyana Muhammad SAW. Tangtu we anu paling ku urang diarepkeun teh nyaéta syafaat na engkin di Yaumil Akhir. Amin Allahumma Amin.


Dupi maksad sareng tujuan simkuring ngulem bapa hadirin sadaya, nyaeta dina raraga kanggo ngalaksanakeun tasyakuran nu parantos dilaksanakeuna hajat simkuring nyaeta ngalaksanakeun nyepitan pun anak ... (nama anak), nu parantos dina dinten ... (hari) sakitar tabuh ... (jam)


Tujuan simkuring ngayakeun tasyakuran ieu sanes kanggo ngogo pun anak, atawa miceun rijki sakedik anu taya gunana. Nanging simkuring ngayakeun acara ieu nyaeta kanggo langkung ngemut-ngemut kawajiban simkuring salaku sepuhna sareng kawajiban pun anak.



Atuh mugia dina acara ieu, simkuring tiasa minuhan kawajiban salaku umat muslim. Sabab tangtos janten kahoyong urang sadaya, gaduh putra anu soleh anu dipirirido ku Alloh SWT. Amiin


Kumargi kituna, simkuring salaku bapa/sepuhna nyuhunkeun barokah ka sadayana anu sumping dina acara bingah ieu. Maksadna supados pun anak janten murangkalih anu soleh, tiasa jadi anak nu berguna bagi agama, nusa, sareng bangsa sarta jadi anak nu babakti pikeun kolotna. Amiin.


Luhur wasta kulawargi ... (nama keluarga), simkuring ngecapkeun hatur nuhun pisan ka saderek, rerencangan, sadaya anu parantos cios ikhlas nyempatkeun sumping kana acara sukuran nyepitana pun anak nu ku simkuring pikanyaah. Mugi-mugi hiji hal ieu anu parantos urang usahakeun ieu, tiasa kengeng pangestu sarta pahala ti Alloh SWT. Amin Ya Robbalalamin.


Simkuring neda ka iklasana bapa hadirin sadaya dina kasempetan ieu pikeun manjatkeun pidua, mugi-mugi pun anak anu parantos disepitan ieu, tiasa enggal-enggal cageur, dipasihan kasehatan supados tiasa sakola sareng ameng jeung rerencanganna deui.


Cekap sakitu wae nu kapihatur. Upami aya kakirangana, boh anu ngeunaan panampian, panyambutan atawa hidangan anu ku simkuring disayagikeun di dieu, hapunten anu kasuhun ka para wargi sadaya. Sakali deui mugi-mugi urang sadaya kalebet jalmi anu kersa nyukuran ka Allah Swt, tina saniskanten ni’mat sareng karunia-Na.


Salajengna dina kasempatan ieu, simkuring nyuhunkeun kasediaana Bapa Ustad pikeun ... (nama ustadz setempat) kanggo ngawitan pidu'ana sarta sakedik ceramah agama pikeun urang sadaya supados tiasa menang pencerahan sarta pangélmu. Sumangga pa ustad.


Sakitu ti simkuring. Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarakotuh.


Keterangan: sumber asli artikel berasal dari sini, namun dengan beberapa sedikit perubahan.

Post a Comment for "Contoh Pidato Sambutan Bahasa Sunda di Acara Khitanan Anak"