Ka para mu'min sadaya
Hayu geura saradia
Meumpeung aya di dunia
Amal keur sampeureun jaga
Gening maot ngadodoho
Boro mah osok dipopoho
Datang henteu mere nyaho
Ngadadak teu aya tempo
Henteu berang henteu peting
Henteu raja henteu kuring
Dimana ajal tos sumping
Da teu menang tempo gening
Horeng nyawa reujeung badan
Nu geus lila babarengan
Gening bakal pipisahan
Matak ulah kajongjonan
Soca nu sakarat mencrong
Renghap ranjug matak bengong
Nu deket geus teu katembong
Napas geus dina genggerong
Lain meureun jeung ciptaan
Estu ieu kanyataan
Urang pasti ngarandapan
Awak nyawa pipisahan
Jalma anu keur sakarat
Nyawa ngangsek mapay urat
Teu aya daya pikeun lumpat
Dicabut ku malaikat
Renghap anu panganggeusan
Jadi pegat panghareupan
Ngajepat henteu ngambeukan
Ngajolor henteu nyawaan
Ngantun warga ngantun lembur
Ngajujug ka alam kubur
Meunang ngagali geus diukur
Mahi keur awak sakujur
Rek naon anu dibawa
Naha duit raja kaya
Naha dulur keluarga
Nu bisa bakal ngabela
Benang tisuksruk tidungdung
Boga dipake adigung
Embung bakti ka nu Agung
Sholat zakat ngaji embung
Ibadah ka toler-toler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Nangkarak digulung gaper
Inget awak geus ngagoler
Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Dicium diceungceurikan
Teu lila datang pasaran
Nu ngariung beuki nguyung
Papisah teu meunang embung
Ngageter hate baringung
Geus datang atkdir nu agung
Harta anu ngunung ngunung
Pakean duit nalapung
Tinggal boeh reujeung iwung
Ditambah awi keur padung
Waktu amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet henteu nurut
Padahal waktu mah cukup
Hirup nu keur suka betah
Ngabur napsu suka bungah
Henteu inget bakal pindah
Ngabujeng ka alam barzah
Teu lepat Nabi ngelingan
Dunya teh pangumbaraan
Naha bet ka milanaan
Tonggoe teu boga ingetan
Bati sedih pikir bingung
Asal rame jadi suwung
Barudak yatim ngaruyung
Ting aringhak ngarariung
Pasaran mendung dipuyung
Ti luhur dirurub sarung
Anu ngiring sami nguyung
Raray tungkul pikir bingung
Ngaleut ngangge ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki cepet
Nyampeurkeun logak nu heureut
Tuh geuning geus nyangkorah
Rup ku padung rup ku lemah
Poek rupeuk teu ngareunah
Ngarumas teu tumaninah
Dulur sobat kawawuhan
Teu lila gancang bubaran
Saha nu rek ngabaturan
Di kubur nu keur nyorangan
Mana sobat mana dulur
Geuning buriyak ka lembur
Henteu maturan dikubur
Ngan tinggal awak sakujur
Kakayaan nu parenting
Nu dipuhit beurang peuting
Teu kabawa teu kacangking
Geus maot kakarak eling
Bati kaduhung hanjakal
Tara ngaji tara amal
Padahal geuning padahal
Nu jadi ni'mat teh amal
Hanjakal nurut kaembung
Ngan harta nu digugulung
Di dunya resep cinutrung
Kaduhung sagede gunung
Teu aya keur ubar sedih
Nu ngaleungitkeun kapeurih
Ngan iman jeung amal solih
Harta mah da teu nolih
Geus teuing tong sasambat
Teu guna da geus kaliwat
Bongan bareto teu taat
Ninggal puasa jeung sholat
Tong teuing hahanjakalan
Da puguh geus di kuburan
Moal bisa deui malikan
Da puguh bongan sorangan
Pepeling anu ngelingan
Tos rengse mangga leunyeupan
Manawi sugan jeung sugan
Ngajantenkeun kamaslahatan
Nu ngaos ieu pepeling
Pamugi janten panggeuing
Ka mu'min nu teu acan eling
Tangtuna Alloh ngajaring

Post a Comment for "Pepeling Untuk Orang Sunda"