Tips Mudik Make Motor Ala Saung Tanah Pasundan
Kanggo dulur jeung baraya anu rek marudik make motor, cik perhatikeun nya 12 hal di handap ieu. Soalna ieu penting jeung omat kudu pisan diestukeun:
1. Kudu boga motor sorangan. Sabab pan tukang ojeg oge marudik, ari lebaran mah.
2. Pariksa rem dina kondisi hade. Ulah nepika di jalan ngerem make sapatu.
3. Lampu oge kudu harurung. Sangkan engke beh teu kudu nyaangan jalan make senter tina hape.
4. Rante oge omat kudu dipariksa. Soalna bisi aya nu maok dipake tawuran ku barudak. Maklum! Jaman kiwari teh keur usum tawuran.
5. Spion tah kade..! Lumayan keur ngeunteung di jalan, sangkan tetep pede. Atuh sugan we ujug-ujug aya randa di gigireun.
6. SIM Kudu boga. Apal SIM? Nyaeta Surat Ijin Mengemudi. Kade, ulah kos cara kamari numana aya kajadian budak dipegat pulisi, tuluy ditanya SIM. Ujug- ujug we manehna ngabongkar hape bari nyarita: “Bade SIM 1 atanapi SIM 2 Pak? Kumargi hape nu abdi mah Dual SIM.”
7. Surat-surat motor kudu dibawa. Ulah sok pinter ngarayu, saumpamana kieu: “Bu polwan, surat motor teu kacandak, kumaha upami urang ngadamel surat nikah?” Soalna ngke bisi dicabok ku piriwit.
8. Kudu make Helm SNI. Najan gawe diproyek, helm nu karoneng mah tong dipake ari di jalan mah. Soalna teu pantes.
9. Barang-barang nu rek dibawa, anu gampil we. Sabangsaning meja, kasur, asbak, lomari, raket reungit mah teu kudu eta mah. Emangna arek pindahan?
10. Tong gancang teuing mawa motorna. Kira-kira 40-60km/jam ge geus cukup. Ulah kekebutan nepika 160km/jam. Soalna bisi nepi ka imah gancang teuing. Coba mun nepi 3 poe memeh lebaran! Pasti ngke bakal dititah mantuan nyieun kueh tah ku mitoha.
11. Tapi tong santai teuing! Misalna kecepatanna 10km/jam. Soalna bisi lebaran haji kakara nepi.
12. Salila di jalan tong lebay. Biasa we. Terus tong make lepas tangan sagala. Komo bari jeung ngangkat-ngangkat ban hareup sagala mah, atawa nangtung dina jok motor bari puputeran jiga Satria Baja Hitam.
Mugia salamet di perjalanan nya lur. Salam baktos ka kulawargi. Wilujeng ngalaksanakeun saum ka sadayana. Jeung tong hilap oleh-olehna. Hatur nuhun.
*Eh macana bari ulah sura seuri nya. Soalna bisi pajarkeun nu gelo anyar..wkwk

Post a Comment for "Tips Mudik Make Motor Ala Saung Tanah Pasundan"